Tuesday, May 6, 2014

Kecap Wancahan



Kecap wancahan nyaeta kecap nu mangrupa singgetan tina kecap sejen, mangrupa kecap anu meunang mondokeun boh tina sakecap bih sababaraha kecap.
Kecap wancahan dibedakkeun jadi 3 nyaeta :

1.       Kecap sirnaan
Kecap sirnaan nyaeta kecap wancahan anu diwangun tina hiji kecap tapi teu ngarobah harti na.
a.       Sirnapurwa                 = ngaleungitkeun fonem / engang awal
Conto :         adhyaksa = jaksa
                        Umilu = milu
                        Enggeus = geus
b.      Sirnamadya = ngaleungitkeun fonem / engang tengah
Conto :         bandrol = banrol
                        Niyata = nyata
                        Sambara = samara
c.       Sirnawekas = ngaleungitkeun fonem / engang tungtung
Conto :         benzene = bensin
                        Ons = on

2.       Kecap Singgetan
Kecap singgetan nyaeta kecap wancahan anu meunang nyingget tinu sakecap atawa runtuyan kecap-kecap.
Conto :                 berseka = bersih sehat kayungyun
                Il = ilikan
                Jsb = jeung sajabana
                Kades = kepala desa

3.       Kecap Tingkesan
Kecap tingkesan nyaeta kecap wancahan anu diwangun ku jalan ngaleungitkeun sabagian kecap / frasa bari teu ngarobah harti asalna.
Conto : atuhda = atuda
                Dewek mah = dekah
                Kumaha anjeun = kajeun
                Mahardika = merdeka

No comments:

Post a Comment